
Hirup
Hirup teh cita-cita
ngudag-ngudag mangsa jeung rasa
Hirup teh tunggara
upama tresna kalid sulaya
Hirup teh seuneu
nu ngaduruk lulurung sukma
Hirup teh ibadah
rela ihlas ngumawula
Hirup teh aci-acining:
Bagja!
ibun harepan
kamari rundayan katineung rek dipalerkeun
bongan mawa eurih
nu ngageuri kana ati
ngabudalkeun kingkin
jeung rambisakna rasa
tadi,
ku naon salira ngaririhan deui
mawa ibun sanajan sakeclak
nu nyirungan deui katineung
nu ngahaja rek disinglar
duh gamparan,
guligahna rasa
hamo bisa disidem deui..
bulan ngalimba
sanajan bulan tumunggal
caangna mah bati nu hegar
bangun nu teu ngemu tunggara
sanajan bulan nyorangan
teu risi ngambah sagara peuting
nganti bentang nu baris marengan
nganteur nyorang simpena peuting
nepi ka balebat nyampeur
nyinglarkeun kahieum ati
antara bandung madiun
Ayeuna
Jeujeur harupat tuluy ngipisan
indung suku tuturut peot
awak jadi budak
waragad teu walakaya
geuning teu di kawit teu di pungkas
kokojayan dina lantaran
sebrot hareudang hiliwir angin
ngalengkah numut sarangenge
los kaditu los kadieu
ngarenghap tuluy hah heh hoh
mmm, ngajerit diudag seuri
Nya ayeuna mah ayeuna...
- Eling-eling mangka eling
- Rumingkang di bumi alam
- Darma wawayangan bae
- Raga taya pangawasa
- Lamun kasasar lamp
- nu matak kaduhung
- Badan anu katempuhan
- Eling-eling masing eling
- Di dunya urang ngumbara
- Laku lampah nu utama
- Asih ka papada jalma
- Ucap tekad reujeung lampah
- Tingkah polah sing merenah
- Runtut rukun sauyunan
- Hirup jucung panggih jeung kamulyaan

Tidak ada komentar:
Posting Komentar